18/01/13

Bandung, oh Bandung...

bandung

Baheula Bandung dipikawanoh ku ngaran Kota Kembang jeung sajarahna Bandung Lautan Api. Tapi kumaha kaayaan kiwari ?  Bandung kakoncara ku sebutan lautan factory outlet (FO) jeung kota kuliner. Tiap ahir minggu, ratusan rebu kendaraan/tutumpakan  ngajugjug Kota(dayeuh) Bandung ngan sauukur keur ngasaan kuliner/rupa-rupa kadaharan dibarengan ku hawa nu karasana matak tiris kana awak. Balikna, maranehna mawa hasil balanjaan ti FO nu ngajajar di sabudereun peuseur dayeuh.

Hadirna para pelancong/turis ti domestik atawa ti luar nagri eta nambah heurin Bandung. Tangtu kaayaan jadi  macet unggal waktu. Teu ngan sauukur ahir minggu ampir unggal poe. Macet kiwari jadi kadaharan sapopoe, warga nu ancik di Bandung oge jadi rudet komo deui ditambah ku banjir nu datang dina usum na. Hujan ngan sababaraha jam wae, jalan-jalan di Bandung kakeueum.  Malahan, banjir oge jadi langganan di wewengkon dataran luhur  di Bandung bagian kaler(utara).

Kiwari Bandung lain jadi kota kembang atawa lautan api. Bandung jadi kota banjir. Korbanna  nepi ka puluhan rebu. Data ahir nu ditulis ku sababaraha bewara nyatet korban banjir utamana di Bandung selatan(kidul) geus nepi ka leuwih kana 40.000 kulawarga. Angka ieu terus nambah kulantaran usum hujan tacan rengse. Malahan aya wilayah nu unggal taun ngalaman kabanjiran. Taya solusi nu pasti keur  warga salian saran kudu direlokasi.

Kukituna kumaha carana nungkulan pasualan banjir ?, taya lian hayu sakabeh warga masarakat Jawa Barat hususna warga kota bandung urang ngabebenah lingkungannana kudu ‘’beberes’’ jeung ‘’beberesih’’ supaya teu jadi beban keur anak incu.

Kulantaran sakabeh ‘’bencana’’ ieu mangrupakeun akibat tina ‘’pengambil kebijakan sarta keptusan’’, nu mangrupakeun konci nu utama. Bandung baris ancur lamun dipimpin  ku pamimpin pulitik. Bandung kudu dipimpin ku pamimpin nu ngabogaan imajinasi ngawangun Bandung tanpa ngaleungitkeun kaarifan lokal. Pamimpin ieu engkena  baris nyadarkeun kaum intelektual keur babarengan  ngawangun Bandung. ‘’ Geus waktuna eureun nyalahkeun paripolah masarakat leutik minangka cukang lantaran banjir’’. enya kituu...!