Angka alus tapi bingung keur aparat Kantor Urusan Agama (KUA), dimana kudu ngalayanan lobana pamenta nikah dina poe Juma'ah (11/11) kusabab angkana 111111, 11 Nopember 2011. Komo deui teu saeutik pasangan panganten nu menta supaya waktu ijab Kabul oge dilaksanakeun 11.11 nyaeta dina jam 11.11 WIB. (hanjakal ninggang kana poe juma'ah).
Lamun urusan pamenta pihak panganten, nu lieur para naib alias lebe di KUA nu tugasna ngawinkeun panganten. Dina waktu nu sarua tangtuna panghulu ngawakilkeun tugasna ka patugas pembantu pencatat nikah (P3N) atawa lebe, teu mungkin saurang panghulu datang ka dua tempat nu ngawinkeun dina waktu nu sarua cukup lebe nu ngawinkeun jeung nyatet peristiwa pernikahan kasebut.
Kajadian ieu oge lumangsung dina taun-taun saencana kawas taun 2008, 2009, lobana ngawinkeun dina tanggal 10 Oktober 2010 atawa 101010 sakadar tren zaman supaya gampang diingeut sarta moal aya deui dina taun hareup . Padahal, ajaran islam leuwih nganjurkeun ngalangsungkeun pernikahan dina poe juma’ah.
Sok saha deui nu bade ijab kobul taun hareup…dina angka 121212, ping 12 bulan duabelas taun 2012, tabuh 12 langkung 12 menit 12 detik, sakalian lebe na dua belas…….!
Kitu deui nu bade ngaboborkeun bayi, kahoyong mah kaping na sapertos danget ieu...! palias...!
4 komentar: