11/01/12

Conto tiNu Ghoib

Bilih aya nu bade, mangga tingali conto ti para panghuni alam ghoib kanggo kahirupan urang di alam dunya, nyaeta :

1.Tuyul, najan leutik keneh geus pinter ngala duit sorangan, ciri kamandirian sajati.

2. Pocong, ti baheula bajuna angger tara gonta ganti, ciri kasederhanaan anu hakiki.

3. Nyi Roro Kidul sanajan ayana di laut tapi tara mamake bikini, sopan we. ciri ngajaga etika anu sajati.

4. Jalangkung, datangg teu di teang balik teu dianteur, tara ngahesekeun batur.

5.Kuntil-anak,keur susah jeung senang ge angger we seuri jeung seuri, ciri rasa syukur nu sajati, Hi hi hi hi......

Ditulis dengan WordPress untuk Blackberry

1 komentar: