Tampilkan postingan dengan label CarKrim. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CarKrim. Tampilkan semua postingan

16/11/09

Satpam ogé bisa newak “pulisi”

PULISI néwak penjahat, éta geus biasa Lamun satpam newak “pulisi”, kakara diluar biasana. Éta pisan anu lumangsung Juma’ah (13/11) beurang di Bioskop Blitz Megaplex, Mal Paris Van Java (Pvj) Bandung. Angggota “pulisi” anu diringkus éta anu inisialna DM (31) lalias “Aiptu Riki”, warga Komplek Soreang Éndah, Kab. Bandung. Waktu ditéwak, Riki keur lalajo film babarengan jeung wanoja.


Katewakna DM Alias Riki mangrupa kolaborasi antara kapinteran Yahya (22) salaku korban, katalitian satpam di Mal Pvj, sarta téknologi CCTV anu dipasang di Mal Pvj. Kabéhanana dimimitian waktu Yahya ngalapor ka Polwiltabes Bandung dina 2 Nopémber. Waktu éta, manéhna jadi korban panipuan Riki di Kafe Blitz, Mal PvJ.


 Dina penipuan éta, Yahya kaleungitan jutaan rupiah.  Saméméhna Yahya kungsi papanggih Riki di jero beus waktu lalampahan ti Malang nuju Bandung. Basa éta, Riki nawarkeun Yahya hiji paket anu eusina opat unit Blackberry Bold saharga Rp. 12 juta. Riki anu ngaku pulisi ngayakinkeunn Yahya lamun barang éta “aman” alatan sitaan pulisi sarta dina lalampahan ka Bandung.


KORBAN ogé satuju. Transaksi dipigawé sawatara poé saterusna di Kafe Blitz, Mal PvJ. Tapi sanggeus dibayar, Riki teu méré Blackberry anu dijanjikeun. Bari nuduhkeun bukti laporan, Yahya ménta bantuan satpam Mal pikeun nempo rékaman CCTV dina waktu manéhna jeung Riki transaksi di Kafe Blitz. Yahya ogé nuduhkeun panipu anu dimaksud. Perkiraan Yahya pas. Sabelas poé sanggeus ngalapor, satpam PvJ ngahubungi Yahya sarta ngabarkeun lamun jelema anu ditéangan aya di lokasi.


Yahya geura-giru ka PvJ pikeun mastikeun identitas si panipu. Kitu Yahya ngabenerkeun yén jelema anu dimaksud nyaéta Riki, satpam ogé geura-giru ngayakeun tindakan. Riki sempet ngalawan bari ngaku pulisi, Manéhna ogé ngabantah geus ngalakonan penipuan, tapi pamustunganana nyerah sarta saterusna dibawa ka Mapolwiltabes Bandung (Satrya/”PR”)***

03/08/09

Pangalaman nyaéta guru pangalusna

Lamun Padagang Tahu "Ngisep" Ganja...
Pangalaman nyaéta guru pangalusna. Rule of thumb éta henteu ngan lumaku dina hal positif, tapi ogé négatif. Dina hal positif, meureun masih aya kasempetan ngabenerkeun diri. Tapi, dina hal négatif bisa asup panjara. Kawas dialaman Sus landian Us (25) sarta As (36). Kadua padagang di Pasar Cicadas, Dayeuh Bandung ieu, katangkep alatan "kurang boga pangalaman" dina bisnis ganja. Caritana dimimitian ku katewakna Us di Pasar Cicadas, Saptu (1/8) beurang. Manéhna ditéwak sanggeus kanyahoan miceun hiji paket leutik ganja. "Kuring wayah éta keur jualan tahu. Bari jualan, kuring iseng ngisep ganja. Ujug-ujug aya pulisi. Enya, kuring sieun. Langsung waé ganja éta kuring piceun ka kolong méja dagangan, "ceuk Us di Mapolsekta Babakan Ciparay, Dayeuh Bandung, Senén (3/8).

Sawatara padagang anu manggihan ganja éta ngalapor ka pulisi. Pulisi ogé ngaringkus Us di Pasar Cicadas. Dumasar kana caritaan Us, barang éta ditampana ti As, buruh tukang daging Pasar Cicadas. Manéhna meulina Rp. 50.000,- pér paket leutik. "Kuring mah iseng waé. Gogoda eta mah Kang. Sami gogodana mun dibere parawan," cenahna.
Sedengkeun As, di tewak sapoé ti harita di imahna di wewengkon Cicadas. As sempet boga niat mawa lumpat diri ka luar dayeuh. "Waktu kuring nyaho Us ditéwak pulisi, kuring jadi geumpeur. Kuring sempet niat lumpat ka luar dayeuh, "pokna di Mapolsekta Babakan Ciparay. Tapi, niatna teu nepi alatan dua hal nyaéta henteu boga duit sarta bingung kudu kabur ka mana. "Kuring naék angkot ti Kosambi ka Alun-alun. Di ditu kuring bingung dék ka mana. Terus kuring balik deui ka Kosambi, alatan sieun ketangkep, kuring indit deui ka Alun-alun. Kitu waé bolak-balik opat kali. Tapi pamustunganana balik ka imah. Kuring bingung." cenahna.

Bener waé. Pulisi pamustunganana ngaringkus As di imahna, tanpa ngalakonan lalawanan. Kiwari, dua palaku "amatir" nunyalahgunakeun narkoba éta ngaringkuk di pangbérokan anu sarua. Maranéhanana baris "berduet", sahenteuna nepi ka sababaraha taun kahareup, alatan ngarémpak pasal 78 UU RI No. 22/1997 ngeunaan ngabogaan sarta ngajualbelikeun Narkotika, jeung anceman hukumanana maksimal 12 taun panjara. (Satrya Graha/"PR")***


 

29/07/09

Miharép Henpun (HP)

Miharép Maok Henpun (HP).   Eh...Kalahka Meunang Sisir...

Pangalaman munggaran ngajambret pikeun YU (23) sarta AJ (23) moal dipopohokeun kumaranéhanana . Lain waragad nu ka wilang mahal anu  beunang teh,  malahan rasa waswas alatan sieun diamuk mangsa anu dipibanda. Untung, maranéhanana teu babak belur alatan mobil patroli pulisi anu pareng ngaliwat di tempat eta kajadian geura-giru ngamankeun maranéhanana. Dipanggihan di Mapolresta Padalarang, Salasa (28/7), kadua kasangka ngunggelkeun, niat ngajambret datang waktu maranéhanana kudu ngalunasan  hutang di koperasi.


Rencana geus maranéhanana susun satekah polah pikeun ngalancarkeun tindakan nu teu kapuji. Pamustunganana, ditangtukeun pikeun ngajalankeun aksi dina tengah peuting. Kalayan ngagunakeun motor, maranéhanana ogé boncengan ka tempat anu geus ditetepkeun, nyaéta di Jln. Bunisari, Désa Gadobangkong, Kec. Ngamprah, Kab. Bandung Kulon. Maranéhanana milih tempat eta alatan dina tengah peuting loba pagawé awéwé anu kakara balik atawa baris indit gawé bari ngajingjing tas.


Pas jam salapan leuwih tilupuluh menit peuting, Waktu harita éta Budi Astuti (30) anu rék indit gawé leumpang antaré. Awéwé éta ngajingjing tas kelir bulao anu ukuranana cukup badag. Kadua palaku anu geus nungguan, langsung ngincer tas Budi. Maranéhanana ngaharepkeun, eusi tas éta pinuh jeung barang berharga, kawas dompet atawa saeutikna henpun (hp).


Kalayan ngajalankeun motor lalaunan, maranéhanana ngadeukeutan Budi sarta langsung nyamber tas anu keur di tenteng ti arah tukang. Reuwas ku kajadian anu lumangsung dina itungan detik, Budi ngejat tur ceuceuleuweungan. "jambret! jambret!" Sawatara kadua palaku ngusahakeun kabur. Sawatara eta oge warga anu nempo polah maling, langsung ngudag kadua palaku. Nasib apes meureun teu  mihak ka kadua eta maling . Sajumlah warga néwak maranéhanana teu lila sanggeus polahna katohyan . Ambek warga anu ngagedur rék neunggeulan kadua palaku. Untungna, pulisi datang sarta maranéhanana langsung diamankeun.


Di Mapolsek Padalarang, YU sarta AJ ngaku hanjakal, eusi tas bulao anu jadi inceran maranéhanana ngan saukur  kalengkepan Budi pikeun digawé, kawas sisir, gelas plastik, carecet, minyak kayu putih, sarta masker. Teu aya duit, dompet, atawa henpun anu dipiharep. Sangu geus jadi bubur, ayeuna maranéhanana kudu depa di pangberukan. Kapolsek Padalarang Ajun Komisaris Agus Wahyudin ngungkabkeun, kadua kasangka tetep dibere hukuman pidana pasal 365 KUHP jeung anceman salapan warsih di pangberukan. (Widya Eka Pramudya/"PR")***

Jin Bodas

AntiAya “JIN BODAS” dina Pingping Anti...

Aya-aya waé trik/akal lalaki pikeun nyicip awak wanoja nu masih keneh parawan . komo lamun si lalaki geus lila henteu sapatemon jeung wanoja. Kawas anu dipigawé saurang lalaki  ngaranna Na (41) ka wanoja nu masih keneh sakola, sebut waé Anti (16). Na hasil maksud ngabobodo Anti sarta kungsi ngarasakeun awak Anti sanajan ngan saukur diusap-usap.


Kajadian éta dimimitian curhat Anti ka Na ngeunaan tatapakan bodas anu aya di pingping katuhuna. Na mikawanoh Anti minangka anak tatanggana waktu manéhna masih cicing di Cibolerang Bandung. Sanggeus diancik maot ku pamajikan sarta anakna sawatara taun ka tukang, Na pindah imah ka Jl. Ciporeat, Kp Andir Tengah, Kel Pasangrahan, Kec. Ujung Berung. Kota Bandung. Sapopoé, Na boga pagawean minangka instalatur  listrik.


Sanggeus sababaraha-kali curhat, kabayang dina uteuk Na pikeun "nyicip" awak Anti. "Kuring jadi inget baheula pas masih di Cibolerang. Awakna memang ngeusi," cenah polostrong. Dijieun we akal ambéh Anti datang ka imahna. Na Susumbar, manéhna sanggup nyageurkeun Anti. Kitu Anti anjog diimahna, Na langsung boga aksi. Manéhna ngomong ka Anti yén awakna  kaangseu bau hanyir. Na tuluy ménta Anti nunjukkeun tatapakan bodas di pingpingna.


Teuing kapangaruhan omongan Na atawa kahipnotis, Anti nurutkeun waé kahayang Na. Sumawona sabot Na nyingsieunan yén tapak bodas éta nandakeun aya jin bodas anu nyiliwuri dina  awak Anti. "Lamun jin éta henteu dikaluarkeun tina awak, manéh baris apes. Salah sahijina, lamun manéh boga salaki engké, pasti moal boga anak, "ceuk Na ka korban, waktu kajadian éta lumangsung.


Na tuluy méré inuman anu saméméhna dijangjawokan ka Anti. Sanggeus éta, Na ménta Anti ngalaan sakumna pakéanana. "Ékol kuring, pikeun nempo naha aya tapak bodas séjén di awakna atawa henteu," ceuk Na ka wartawan, di Mapolresta Bandung Wétan, Salasa (9/6) beurang. Teuing alatan kapangaruhan omongan Na soal jin atawa Na nambahan "bahan sejen" di jero inuman tadi, Anti nurutkeun waé paménta Na.


Korban ogé muka hiji-hiji  pakéanana nepi ka teu cangkaruk salambar benang ogé di awakna. Carita saleuwihna geus ditebak. Anti anu dina kaayaan teu daya upaya  "dipigawe" ku Na. "Kuring geus lila henteu sapatemon alatan pamajikan kuring geus lila maot. Tapi, kuring henteu sapatemon jeung korban. Untungna, iman kuring kuat kénéh jadi henteu nepi ka merkosa manéhna," cenah.


Tina  tingkah polahna, pulisi ngajiret manehna ku Pasal 82 UU No. 23/2002 ngeunaan Perlindungan Anak juncto Pasal 289 sarta 290 KUH Pidana ngeunaan pencabulan ka Anak di bawah umur. "Manéhna kaancam hukuman panjara 15 warsih panjara, "kecap Wakapolresta Bandung Wétan Komisaris Budi, diréndéngan Kasatreskrim Ajun Komisaris Djamudin Pasaribu. (Satrya Graha/”PR”)***

25/07/09

Minyak Goréng

Minyak Goréng Mawa Apes. Pangalaman munggaran maok, BJ (29) warga Kp. Cibodas RT 3 RW 1, Désa Cikahuripan, Kec. Lembang, Kab. Bandung Kulon, malahan digagalkeun minyak anu bahe di lanté salah sahiji warung. Manéhna tikoséwad, waktu nempo nu boga warung. Mangka, teu hiji-hiji acan barang anu junun dijarah. Sabalikna, manéhna kudu ngaringkuk di tahahan Polsek Lembang, Jum'at (24/7).


Dumasar pangakuan BJ ka pulisi, awalna manéhna lieur ku desekan sambetan ka mitoha na. Ku alatan éta, manéhna nyokot jalan pintes ambéh bisa ngalunasan sambetanana. Nempo kesuksesan warung kolontong  Muhammad (23) anu sok ramé, mangka BJ ogé ngincer éta warung. Poé salasa (21/7), manéhna mimitian ngalakonan rencanana babarengan dua baturna, AB (19) sarta MP (32), ogé tatanggana, Maranéhanana nyusun strategi pikeun moncor "pertahanan" warung di Kp. Kancah RT 1 RW 14, Désa Cihideung, Kec. arongpong, Kab. Bandung Kulon.


BJ cukup kreatif kalayan ngabolongan kupluk panutup sirah bogana, ambéh jiga topeng anu nutupan satengah bagian beungeutna. Sanggeus éta, samurai anu biasana dipajang dina dingding imah pikeun samentara dijadikeun properti minangka kelengkapan keur aksina. Nyanghareupan Rebo (22/7) wanci kasubuhnakeun , BJ ngencarkeun aksina babarengan kadua baturna. Topeng sarta samurai teu poho dibawa. Manéhna ogé  ngalengkah kaluar imah, kalayan maké sandal ipis has sémah hotél. Sanepi ka di tempat udagan operasi, BJ maju leuwih tiheula. Manéhna ngetrok panto warung, sedengkeun AB sarta MP nungguan kaayaan di luar warung. Tapi, waktu BJ nincakeun suku di warung eta, nasib malang tumibana. Sandal hotélna nincak lanté anu leueur alatan sésa minyak. Manéhna ogé teu bisa nahan beurat awakna, nepi ka pamustunganana murag tisoledat. Muhammad tacan ngalakonan ngalawan naon waé. Tapi, BJ langsung lumpat sabalang-bentor ninggalkeun topengna di warung kasebut.


Selang sapoé ti harita, Kemis (23/7), BJ sarta AB junun ditéwak Unit Reskrim Polsek Lembang di imahna séwang-séwangan. Samentara éta, MP asup dina daptar pencarian orang (DPO). Nurutkeun Kapolsek Lembang Ajun Komisaris Sutarman, duanana dipeunteun ngarémpak pasal 365 KUH Pidana jeung anceman hukuman salapan warsih panjara. Nasib...nasib....! (Nivianti Nurulliah/"PR")***

03/07/09

Gajih ka-13

Gajih Ka-13 Nu Mawa Cilaka Tilu Welas

Gajih ka-13 nu ditarima ku pagawe PNS jeung TNI/Polri dina bulan Juni kamari, bisa oge ngabolekerkeun kajahatan. Tah ieu nu kaalaman MBG alias Rizky (19) warga Jln. Babakan Sari Kel. Babakan Sari Kec. Kiaracondong Kota Bandung. Rizky nu euweuh gawe ngan saukur pangangguran. Tapi manehna boga tilu pamajikan. Ka pamajikan ka hiji jeung ka dua, Rizky ngaku digawe sabagey penjual Voucher Handphone.


Ka pamajikan nu ka tilu nyaeta Tini (18, lain ngaran sabenerna), Rizky ngaku sabagey anggota Polresta Bandung Tengah. “Akal ieu ti babaturan kuring. Manehna pura-pura jadi anggota Brimob, sedengkeun kuring anggota Reskrim, “ceuk Rizky di Mapolresta Bandung Tengah.


Tini jeung kolotna kungsi curiga yen Rizki lain anggota pulisi. Kacurigaan eta nalika nempo dedegan Rizky nu leutik jeung pecekrek. Tapi sawatara ti eta Rizky bisa ngayakinkeun Tini jeung kolotna. Sakabeh kabohongan Rizky ahirna bisa dielehkeun ku duit. Sawatara ti eta, Tini nagih gajih ka-13 nu kuduna di tarima Rizky dina ahir bulan Juni. Rizky kalahka baluweng, “Jujur we, kuring teu apal naon nu disebut gajih ka tilu welas teh ,” ceuk Rizky.


Cocok tah geus kitu mah bukti-bukti yen Rizky lain anggota pulisi. Keur mastikeunnana, lelenyepan kolat na Tini Silaturahmi  jeung kolotna Rizky. Ti dinya kabolekerkeun yen Rizky lain anggota pulisi. Kulawarga Tini ge ngalaporkeun ka Polresta Bandung Tengah kana tuduhan panipuan.


Rizky di cerek di imah Tini reujeung barang bukti mangrupa sasetel pakean dinas harian (PDH) Polri, sasetel pakean dinas lapangan (PDL) Polri, saunit alat komunikasi, 6 siki poto ukuran 2R, jeung 4 siki poto ukuran 2x3. “Rizky dijiret pasal 228 juncto pasal 378 KUH Pidana,” ceuk Kasatreskrim Polresta Bandung Tengah Ajun Komisaris Agusman Gurning.” (Satrya Graha/”PR”)***

24/06/09

Koki...

Beurang Koki, Peuting Boga aksi...
Dedeganana  leutik. Gaya ngomongna kocak sarta pikaseurieun. Sajaba ti éta, beungeutna kasép sarta kulitna bérsih. Bahasa awakna ogé rada gemulai. istilah rumaja ayeuna "cupu" alias culun punya. Éta pisan gambaran umum waktu papanggih sarta ngawangkong kalayan AS alias Toting (21). Sumawona, pakasaban sapopoé nonoman éta nyieun sarta padagang kueh waffle di IBCC, Jln. Ahmad Yani, kota Bandung.

Tapi, di balik kelunguhanana, jelema baris ngabirigidig lamun ngadéngé posisina di geng motor. Manéhna dipikawanoh minangka panglima XTC (Exalt to Coitus) Rayon Kopo. Identitas minangka panglima dibuktikeun dina wangun tato lambang XTC di leungeun kénca. Pikeun nyicingan posisi kasebut, Toting kudu "bajoang" saprak SMA. Bisa diitung, Toting leuwih getol milu kagiatan XTC tinimbang nungtut élmu. Balukarna, manéhna dropout waktu kelas XI SMA. Toting nyaéta kasangka utama palaku perampasan sarta penganiayaan dua mahasiswa di hareup Gedong Merdeka, Jln. Asia Afrika, Bandung, sawatara waktu kaliwat. Dina kajadian éta, saurang mahasiswa ngalaman tatu sayatan dina beungeutna.


Toting di ringkus Satreskrim Polresta Bandung Tengah teu lila sanggeus kajadian. Ti leungeun kasangka, pulisi nyita barang bukti hiji kaméra milik korban. Toting ngomong,  kalakuan ngarampas sarta paganiyayaan éta henteu direncanakeun. "Sabalikna gawé, kuring nongkrong jeung babaturan di wewengkon Babakan Tarogong. Kuring dalapanan. Kuring terus inum-inum sarta mabok," kedalna. Maranéhanana saterusna kuriling Bandung. Di hareup Gedong Merdeka, maranéhanana nempo aya "mangsa". Toting ngarogahala kadua korban make pakarang seukeut sarta mawa lumpat hiji tas gandong anu eusina kaméra digital.


Pulisi anu keur ngajaga di Bank NISP metot baju Toting anu dibonceng Tukul nepi ka labuh. Samentara anu séjénna kalabur. Alatan "panglima" maranéhanana kacérék, batur-batur Toting balik ka lokasi pikeun nyalametkeun kasangka. Maranéhanana ngalengkepan diri jeung pakarang seukeut. Tapi, waktu nempo pulisi ngaluarkeun pestol, para palaku kabur bari ngalungkeun pakarang seukeut.


Toting ngaku kakara sakali éta ngalakonan parampasan sarta panganiyayaan. "Éta alatan mabok. Lamun aksi saperti kitu, kakara pisan. Lamun gelut mah geus mindeng," kedalna. "Kasangka di jirét pasal 365 KUH Pidana ngeunaan Pencurian dibiruyungan Pemberatan jeung anceman hukuman tujuh warsih panjara," kecap Kasatreskrim Polresta Bandung Tengah Ajun Komisaris Agusman Gurning ka wartawan, Rebo (24/6).(Satrya Graha/"PR")***


 


 

17/06/09

"Kuring Ngan Nyedot Dua Kali..."

"Kuring Ngan Nyedot Dua Kali...". Aya-aya waé ékol hiji jalma ambéh henteu kajirét hukum. Kawas dua palaku nu nyalahgunakeun ganja anu ditéwak Unit Reserse Narkotika Polresta Bandung Wétan, Senén (15/6) peuting di salah sahiji imah di Jln. Bojongawi Kaler, Kel. Cisaranten Bina Harapan, Kec. Arcamanik, Dayeuh Bandung.
Dua palaku anu ditéwak inisial SA (16) sarta DE landian Umin (28). Maranéhanana ditéwak waktu marake ganja di imah SA di wewengkon Bojongawi. Dina prosés néwak éta, pulisi nyita 64 paket leutik ganja garing kualitas prima.

Paket ganja éta dibeulina ti kasangka Iy  hargana Rp. 300.000,- "Éta paket nu meujeuhna. Terus kuring recah deui jadi tujuh puluh paket leutik. Hiji paket na kuring jual Rp. 25.ooo,- Kuring kakara dua kali meuli ti Iy,"pokna di Mapolresta Bandung Wétan, Salasa (16/6) kamari. Bari nahan ceurik, Umin ngaku kapaksa jualan barang haram éta pikeun waragad tatamba bapana. "Bapa kuring géring jantung. Gawé kuring sarabutan. Jadi, sawaréh duit hasil ngajualan ganja éta kuring sisihkeun pikeun waragad tatamba bapa kuring," cenahna. Mimitina  Umin jualan ganja ogé alatan dipaksa Iy anu kiwari buron. "Manéhna terus maksa kuring. Kuring ogé henteu wani ngalawan alatan manéhna preman di dieu," kedalna.


Rasa sieun ka dedegan Iy ogé dicaritakeun SA. Rumaja lulusan SMP éta ditéwak alatan ngagunakeun ganja. "Tapi sumpah Pak, kuring kakara sakali éta paké ganja, éta ogé alatan dipaksa, "cenah. Caritana, poé eta manéhna datang ka imah Umin anu masih tatangga. "Kuring lalajo kaulinan gapleh di hareup imah Umin. Wayah éta, Umin sarta Iy keur ngegele (mengisap ganja) di jero imah. Tuluy kuring digeroan Iy ka jero, "ceuk SA. Di jero imah, Iy mamaksa SA ngisep ganja. "Iy ngomong, lamun kuring henteu daék ngisep ganja, kuring bakal dicentang (ditakol). Kuring sieun. Atuda manéhna jangkung badag. Manéhna ogé tatoan. Mangkana kuring ngisep ganjana. Tapi kuring ngan nyedot dua kali. Terus eureun. Da pait, "cenah. Naon waé alesanna, pulisi ngured maranéhanana kalayan UU RI No. 22 Taun 1997 ngeunaan Narkotika. "duanana dijerat pasal 78 sarta pasal 82 ti UU RI Nomer 22 Taun 1997. Anceman hukumanana panglilana 20 Taun panjara," ceuk Kasatreskrim Polresta Bandung Wétan Ajun Komisaris Djamudin Pasaribu. (Satrya Graha/"PR")***


 


 


 

12/06/09

Curhat

Ti Curhat, Éh...Jadi Penjahat.
Ati-ati lamun milih batur curhat. Bisa-bisa nasib naas sarta lekasan di sél tahanan (pangbérokan) kawas anu dialaman DD (41), warga gang peuyeum, Désa Sayati, Kec. Margahayu, Kab. Bandung. Carita mimitina,  ti pasamoan DD jeung baturna, Tutus, Jumaah (12/6) beurang. DD, saurang supir témbak angkot di wewengkon Kab. Bandung, nyaritakeun kasulitan ékonomina ka Tutus. DD ngunggelkeun, pamajikan sarta anakna anu umurna 1,5 taun kaancam diusir ti kontrakanana di wewengkon Margahayu, Kab. Bandung, lamun bulan ieu henteu sanggup mayar duit kontrakan. "Bayaran pér bulan Rp. 150.000,-. Kuring bener-bener bingung alatan henteu boga duit. Soalna, geus sabulan ieu kuring henteu narik (ngakutan panumpang). Meureun anu boga angkot ogé perlu duit, pokna.

DD ngunggelkeun, hasil ti profesina minangka supir témbak angkot henteu tangtu. "Sakapeung bisa Rp. 40.000,- sakapeung Rp. 30.000,-  sakapeung henteu beunang nanaon. Duitna di bagi dua jeung supir aslina." pokna téh.
Tutus kalayan sabar ngaregepkeun obrolan kasusah DD. Sanggeus DD rampung curhat, Tutus nawarkeun jalan kaluarna. "Manéhna henteu langsung ngomong. Manéhna ngan ngajak kuring milu naék motorna,"ceuk DD di Mapolresta Bandung Tengah.
Di Jln. Moh. Toha kota Bandung, teu jauh ti Métro Biliard, Tutus ngeureunkeun motorna. "Manéhna nunjuk saurang wanoja anu keur maké HP. Manéhna nitah ka kuring nyokot HP éta bari dibonceng. Pikiran kuring geus baluwéng sarta kuring sapuk waé jeung rencana éta, "kedal DD.

Lalaunan Tutus sarta DD ngadeukeutan korban. Geus deukeut sasaran, DD langsung ngajambret HP Samsung C100 milik wanoja éta. "meureun alatan tacan kungsi, kuring panik sarta ragrag tina motor. Kuring diteunggeulan warga, sawatara Tutus hasil kabur," cenahna. Kasatreskrim Polresta Bandung Tengah Ajun Komisaris Agusman Gurning anu ngilu ngaregepkeun carita DD ngan bisa gogodeg sirah. "Naha Bapa kapikiran sasingket éta? Lamun kieu, kumaha jeung nasib pamajikan sarta anak Bapa? Soalna, Bapa kaancam hukuman maksimal tujuh taun panjara alatan ngalakonan maok, "ceuk Gurning.
Ngadéngé hal éta, DD ngan bisa tungkul bari ngalamun. "Meureun pikeun samentara kulawarga kuring balik ka kolotna, "kedalna saterusna. Niat DD meureun awalna alus, nyaéta mayungan kulawarga ambéh henteu kahujanan, kapanasan, sarta katirisan. Tapi, carana salah. Tujuanana ngabéréskeun masalah, tapi kalahka nambahan masalah (Strya Graha/"PR")***