Tampilkan postingan dengan label Komentar Bobotoh. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Komentar Bobotoh. Tampilkan semua postingan

03/12/12

Skuad Persib Musim 2012-2013

skuad persib 2012-13

Susunan Manajemen + Pelatih tim Persib:
     Manajer       Umuh Muchtar
     Wakil Manajer       Mukti Soewondo
     Penasehat Teknik       Indra Thohir
     Pelatih Kepala       Jajang Nurjaman
     Asisten Pelatih       Asep Somantri
       Sutiono Lamso
     Pelatih Kiper       Anwar Sanusi
     Pelatih Fisik       Dino Sefrianto
     Dokter Tim       Rafi Ghani
     Sekertaris Tim       Yudiana
     Bagian Umum       Pipin Kusmantara
       Zulkarnaen
       Dudi Suardi
       Fikri Apriansyah
     Maseur       Tatang Sutisna
       Iyang Maulana

05/09/12

Gambaran Skuad Persib 2012-2013


Persib – Dina nyanghareupan Indonesia Super League (ISL)  2012-2013, Persib ngamimitian  bebenah  mulai ti Pangurus, Ofisial sarta Pamaen.


Keur susunan pangurus jeung ofisial memang teu loba perobahan, kecuali di kubu pelatih dirombak total. Posisi Robby Darwis salaku pelatih diganti ku Djadjang Nurdjaman dibarengan dua asisten anyar, nyaeta Asep Sumantri jeung Sutiono Lamso.


Susunan pangurus jeung ofisial Persib 2012-2013

  • Manajer: Umuh Muchtar

  • Penasihat Teknik: Indra Thohir

  • Pelatih Kepala: Djadjang Nurdjaman

  • Asisten Pelatih: Asep Sumantri

  • Asisten Pelatih: Sutiono Lamso

  • Pelatih Fisik: Dino Sefriyanto

  • Pelatih Kiper: Anwar Sanusi

  • Dokter Tim: Rafi Ghani

  • Sekretaris Tim: Yudiana

  • Pembantu Umum: Dudi Suardi

  • Pembantu Umum: Pipin Kusmantara

  • Pembantu Umum: Zulkarnaen

  • Pembantu Umum: Fikri Apriansyah

  • Masseur: Tatang Sutisna

  • Masseur: Iyang Mulyana


Sawatara keur komposisi pamaen, Gambaran Skuad Persib 2012-2013, aya pamaen nu kaluar jeung asup. Pelatih Djadjang Nurdjaman ngaku geus aya 20 pamaen nu komposisina didasarkeun tina pamaen heubeul nu dipertahankeun sarta geus kaiket kasepakatan bareng manajemen Persib jeung pamaen anyar.


Susunan Pemain Persib Musim 2012-2013

1. I Made Wirawan

2. Cecep Supriyatna

3. Rizky Bagja

4. Maman Abdurahman

5. Abanda Herman

6. James Coyne

7. Aang Suparman

8. M. Agung Pribadi

9. Jajang Sukmara

10. M. Ridwan

11. Supardi

12. Firman Utina

13. Hariono

14. Asri Akbar

15. Atep

16. Tony Sucipto

17. Airlangga Sucipto

18. Sigit Hermawan

19. Herman Dzumafo Epandi

20. Kenji Adachihara

Sakumaha nu  disebutkeun diluhur, yen pelatih Djadjang Nurjaman masih merlukeun saurang playmaker jeung kahayang mah Skuad Persib jumlahna 24, kulantaran kitu susunan ieu mungkin bakal nambah deui. urang tunggu we, saha saterusna nu bakal direkrut Persib!

Salajengna Profil Pamaen Persib 2012-2013

 

03/11/11

Kumaha sareng bade kamana Persib kiwari. ???


Upami ngiringan IPL, hartina kudu maen di kompetisi nu kualitasna di handap sanajan sah. Sedengkeun upami ka ISL hartina maen di Liga nu kualitasna tos ka uji, tapi eta hartina kaluar ti PSSI kusabab teu diaku legalitasna ku PSSI.
Janten kumaha atuh...?

15/09/11

Mugia Drago Mamic Bisa Gancang Adaptasi

Drago Mamic jeung Persib Bandung dimimitian. Juma'ah (9/9) peuting, Mamic ditunjuk jadi arsiték Maung Bandung ku tim opat anu ngabogaan tugas néangan palatih sarta pamaén Persib pikeun usum hareup.


Nempo prestasi Mamic di klub tiheulana, bobotoh tangtuna ngabogaan harepan ka Mamic. Waktu ngabesut Dalian Shide, Cina, Mamic mawa klub kasebut jadi jawara liga sarta Piala Cina taun 2001 sarta 2002.Usum saterusna, manéhna mawa klub asal India Churchill Brothers jadi jawara IFA Shield 115.


Cacak suksés di tim séjén, nurutkeun urut pamaén Persib Nandang Kurnaedi éta lain jaminan. "Tacan tangtu. Sipat tim di liga Indonésia béda jeung nagara séjén.


Tapi, Nandang ngaharepkeun palatih kalahiran 25 Méi 1953 ieu bisa gancang adaptasi jeung gaya maenbal tim-tim Indonésia. Ku kituna, naon anu jadi harepan bobotoh, nyaéta nempo Maung Bandung jadi jawara bisa kalaksanakeun."Susuganan Mamic bisa gancang adaptasi. Ku kituna Persib bisa leuwih hade.... amin.


Salajengna: Skuad Persib 2011 - 2012

27/07/10

Persib Bandung



LSI (Liga Super Indonesia) periode 2009-2010 rengse digelar,  juarana Arema Indonesia FC . Piala Indonesia nyesakeun 4 kasebelasan nyaeta Arema Indonesia FC, Persik Kediri, Persipura Jaya Pura, Sriwijaya FC. Keur Persib perjuangan kadua gelar kasebut dina LSI urutan ka opat sarta di Piala Indonesia Persib ngan nepi ka dalapan besar eleh agregat 2-3 ti Arema.

Prestasi kadua gelaran kasebut rupana geus maksimal diperjuangkeun utamana ku pamaen, hatur nuhun ka pelatih, manajemen,sarta elemen-elemen anu  geus satekah polah ngusahakeun,  supaya Persib juara teu katinggaleun ka para Bobotoh, Viking sa alam dunya sarta nu mikacinta ka Persib. Urang sararea kudu bisa narimakeun kana prestasi musim ieu. Kagagalan kudu jadi palajaran nu berharga keur sakabeh pangurus sarta manajemen tim, ka hareup...? tangtuna Persib kudu bisa ningkatkeun prestasi.

Keur LSI taun hareup kiwari Konsorsium, Komisaris sarta Manajemen keur ngabahas masa depan Persib Bandung,  salaku bobotoh  tinggal nunggu hasilna mudah-mudahan urang sararea sepakat tina hasil ahir maranehna. Masalah pelatih tangtuna bobotoh boga pamilih kira-kira saha nu pantes sarta cocok keur ngalatih Persib musim hareup. Ceuk isu sarta gosip mah aya 3 urang anu bakal jadi pelatih Persib nyaeta, Rahmad Darmawan, Rene Alberts, Daniel Darko Janakovic.

Geus ah..., sakieu we heula nya...tulisan ngeunaan Persib Bandung keur nyanghareupan musim nu bakal datang,  urang rojong we ku sararea utamana nu mikareueus ka Persib Bandung kabanggaan Jawa Barat sarta bobotoh sa alam dunya. Teu hilap ka Pa H. Umuh hatur nuhun kana perjuangannana salami ieu mudah-mudahan pa Umuh salamina aya dina panangtayungan Gusti Alloh SWT....amin.  

Hasil Rapat di Jakarta, dewan pengurus PT PBB reujeung dewan pemegang saham Persib geus nyieun kaputusan ngeunaan masa depan Persib. Keur jabatan Pelatih Kepala dipercayakeun ka Daniel Darko Janackovic (DDJ).